Asa ku gereget eta ningali murangkalih meni lucu pisan, kalakuanana estu sajalantrahna teu didingding ku kelir teu sindang siloka. Tapi kadang-kadang mah sok musingkeun kolotna, da wajar atuh namina murangkalih mah teu acan lami kumeulendangna oge di ieu dunya. Panginten eta budak ngaraos aneh upami ningali alam sabudeureunana anu matak pikabitaeun, atuh gerekgek budak teh seuri meni ku nikmat katingalina teh. Ngan aya mangsana eta budak ceurik gogoaran nepi ka bapana mah geus talukeun, untung aya keneh indungna anu estu sabarna ngupahan eta budak nepi ka leuleurna, antukna reup budak teh peureum tibra pisan. Naon atuh anu jadi panyabab eta budak ceurik? Bisa naon wae, nu jelas mah aya hal ihwal anu teu sapagodos sareng mamanahan eta budak. Ulah-ulah budak, kolot oge apanan upami aya anu teu srek sareung pamadegan sok rada molotot, tapi ari rek ceurik era da geus huisan.
Anu jadi aoseun kanggo urang mah geuning seueur tina kalakuan eta budak. Panginten sadayana ge kantos ngalaman jadi budak mah. Abdi nyalira oge ngalaman, samar-samar sok inget mangsa masih keneh budak, upami liwat ka pipir imah sepuh abdi asa-asa pernah liwat kadinya manggihan hileud bulu anu gede dina tangkal jeruk. Teu aya pilihan deui atuh iwal ti ceurik bakating ku sieun. Sim kuring ge asa inget-inget poho, teras wae abdi tumaros ka ibu rama abdi, cenah mah leres eta teh nuju 2 taun ceuk pun bapak bari seuseurian. Mereun baheula mah sim kuring teh lucu pisan beda jeung ayeuna. Anu jadi matak ayeuna urang kieu kituna lantaran aya panyabab boh anu hade atanapi anu goreng. Sim kuring sok mendakan kolot anu kalakuanana jiga budak disebutna ge bubudakeun ceuk kolot mah. Aya oge budak anu koloteun, lantaran waktos ngorana geus ngalaman hirup ripuh kapaksa ninggalkeun kahirupan budak leutik anu kuduna pinuh ku kaulinan (di ogo) ceuk batur mah. Tapi kuring mah ngaraos karunya ka budak anu di ogo teuing sabab biasana sok minculak geus gedena. Panginten sadaya sepuh ge hoyong gaduh putra sinareng putri anu kalakuanana lewih hade ti kolotna.
Kacida pentingna eta ngawarah budak ku atikan anu sajalan sareung aturan anu bener. Upami ningali jaman ayeuna mah asa ku hese ngadidik murangkalih nepi ka jadi jelema anu bener teh. Saleresna mah sami wae jaman kiwari jeung baheula ge. Sarua ngadidik budak mah ku kolotna, ngan kolotna we anu kudu bener heula. Abu Jahal oge apanan budak baheula sarua wae bangorna mah geus kolotna da salah didikanana. Jaman kiwari sagala asup, ibaratna tempat sampah di daerah urang mah. Budaya ti luar nu kieu nu kitu arasup gampang pisan, atuh puguh wae barudak mah da masih keneh polos pasti nyandakna teu disaring heula. Di dieu salaku kolot kudu bisa ngajaga barudak urang sangkan bebas tina racun budaya deungeun anu teu sae. Baheula mah tv teu acan seueur acarana, ayeuna mah sagala acara tivi geus campuraduk. Acara anu kuduna ditongton ku kolot ayeuna mah budak ge miluan da ngan aya hiji tivina di tepas imah. Antukna kolot jeung budak geus teu aya pamisah deui, nepi ka rata-rata budak ayeuna marinculak ka kolotna teh, aya dina tivi ge budak maehan kolotna pon kitu deui kolot maehan budakna. Asa inget ka jaman baheula, jaman Abu Jahal saparakanca, budak nu karak lahir dipaehan jeung rupa-rupa kagorengan ahlak jelema dina mangsa harita. Upami maca sejarah dikaitkeun sareng kahirupan jaman ayeuna asa ku teu beda, malahan ayeuna mah leuwih parah.
Sakali mangsa mah, isuk keneh kuring teh mawa motor kaluar imah, acan ge jauh kuring geus mendakan aya budak awewe make calana kolor wungkul anu bahana tina jeans ngetat pisan sarua mawa motor metik (matic) meni pede pisan, aya ku hare-hare deui padahal ieu teh di kampung, tiris deui. Da kuring oge melaan make jaket nu kandel bakating ku teu kuat kaluar imah make kaos hungkul mah. Asa acan lila kuring hirup, baheula mah budak awewe teu wanieun nepi ka nembongkeun pingping, sok sanajan baheula oge teu saeutik barudak awewe nu bangor, tapi teu parah jiga ayeuna. Ieu mereun pangaruh acara tivi nu teu bener teh. Zaman Nike Ardila oge sarua, barudak awewena kapangaruhan ku gaya papakean artis-artis baheula, beuki dieu geuning beuki wani barudak urang teh. Sim kuring oge salaku lalaki kataji ku gaya pakean lalaki dina tivi, ngan lalaki mah masih aya batasna, da auratna beda jeung awewe. Mun rajeun manggihan awewe nu kitu liwat sok asa lebar mun teu ningali. Beuki loba we dosa teh geuning, piraku cicing wae di imah mereun bisa buruk.
Tetela pisan karusakan ahlak jelema ayeuna geuning, upami teu caringcing pageuh kancing sarta ningali sing awas mah, bisa-bisa hare-hare wae urang teh. Geus galib kaayaan kieu teh, rek di robah kumaha deui jeung ku saha deui ari lain ku urang anu masih keneh hirup. Nu geus paraeh mah moal bisa ngarobah ahlak jelema model ayeuna. Jigana kaum lalaki oge asa karagok nyaram barudak make pakean anu nutup aorat, da puguh resep ningalina, wajar da boga sifat kalalaken (kalalakian). Saenyana mah ieu teh tugas lalaki salaku pamingpin ngarobah budaya anu geus ruksak meungpeung bisa keneh diomean. Lamun geus buruk mah kudu diganti kayu tihang imah oge. Sugan teu nepi ka barudak urang nu masih murangkalih kalakuan urang ayeuna. Mugia urang sadar kana naon rupa tugas urang ngadidik nu bener ka dulur-dulur urang sarta turunan urang kahareupnakeun.
Pipir Hawu, 5/4/2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar