SELAMAT DATANG !!!

Melihat alam, memandangnya, mengenalinya, bersahabat dengannya lalu belajar banyak darinya yang selalu tersenyum dengan kesahajaannya

Kamis, 24 Mei 2012

Lauk


Resep ningali lauk silih udag dina balong teh. Pagulidag marebutkeun dahareun anu dialungkeun ku kuring. Ras  inget kana jejeur kop dicokot ku kuring, terus masang eupan tina cacing benang ngala bieu tina galengan sawah. Lung di alungkeun ka tengah balong teu sawatara lila kerenyed aya hiji lauk nila lumayan gede nyaplok eupan kuring. Tep di antep sakeudeung, nyed ku kuring di bedol jeujeurna, giriwil eta lauk nyangked kana useup teterejel hayang lesot. Lumayan sore ieu rek dahar jeung nila, seneu durukan geus jadi ruhak ruhay pisan, teu lila seungitna beleum lauk nila melenghir minuhan saung. Kop kana sangu, beuteung anu geus kukurubukan ti tadi ayeuna lumayan wareg dieusian sangu jeung beuleum lauk nila. Ereleu..teurab nikmat nakeranan. Kop kana udud, pelenyun haseupna ngebul minuhan pikiran kuring.
Ras kuring inget kana lalampahan hirup sorangan. Tikosewad kaditu kadieu teu aya deui iwal ti neangan kahirupan nu leuwih ngenah. Upami di tingali ku bahasa indonesia mah “mencari kehidupan yang lebih layak” teuing layak teh nu kumaha. Layak dihareupeun jelema mereun lolobana mah. Da saeutik nu hayang layang di payuneun Alloh mah. Anu tani melaan macul nepi ka nyeri cangkeng lantaran hayang menang hasil pare nu mucekil. Tina hasil eta bisa dijual sesana di dahar. Duitna dibelikeun kana dahareun anu ngeunah sawareh deui meuli pakean anu bagus. Lamun beuteung geus seubeuh pakean dina awak geus rapih, biwir nyerengeh seri lantaran bungah. Ningali anak pamajikan bungah salaki milu bungah. Sarua jeung anu dagang ngajual dagangan sabab hayang untung, geus meunang kauntungan eta duitna dibikeun ka anak pamajikana, ningali maranehna bungah eta tukang dagang seuri bungah. Pon kitu deui jeung pagawe kantor, pagawe negri, tukang pulung nepi ka presiden kabeh neangan anu ngarana kabungahaan jeung kabagjaan hirup. Ngan tetep nu ngarana kabagjaan hirup di dunya mah moal salawasna manjang, pasti dina hiji mangsa jelema bakal dibere kasedihan jeung kasusah hirup ku Alloh. Nanging seueur jelema anu leuwih mentingkeun kabagjaan dunya tibatan aherat.
Sawatara jeung lolobana jalma nganggap kabagjaan hirup teh ayana dina duit, aya oge anu nganggap kabagjaan teh aya dina jabatan, aya oge anu nganggap aya dina elmu pangaweruh. Teu saeutik anu neangan duit tipoporose usaha kaditu kadieu ku sagala cara leupas tina hukum haram jeung halal. Bisnis ngagunakeun politik anu kotor pikeun kauntungan sorangana. Nu dagang geus teu eraeun deui ngarobah kiloan pikeun kauntungan dirina. Aya oge anu bajoang satekah polah hayang jadi pejabat ku jalan naon wae oge geus teu mikir bener jeung salah. Teu saeutik nu sakola luhur lantaran hayang dipihormat ku batur sok sanajan kudu ngagunakeun duit sangkan bisa lulus. Kabeh eta jalma neangan kabagjaan nu sifatna sementara. Atuh kacida rugina jalma anu kitu sabab manehna geus ngarasa sieun paeh. Embung papanggih deui jeung Alloh ku sabab betah teuing hirup di dunya.
Saeutik jelema anu neangan kabagjaan hirup anu langgeng salawasna. Sok sanajan kitu mudah-mudahan urang sing sadar kana naon rupa kabungahan nu ku urang diteangan di dunya teh teu lila.
Duit, jabatan jeung elmu eta kabeh ngan saukur alat kanggo urang pikeun neangan kabagjaan. Ngan urang kudu milih kabagjaan nu mana nu ku urang rek dicita-citakeun. Ibarat jejeur pikeun ngala lauk, bisa oge make jaring pikeun ngala lauk, bisa oge make leungeun sorangan ari bisa mah. Tah eta lauk teh ibarat kabagjaan anu ku urang dipikahayang. Anu penting mah eta anu boga balong teh geus ngijinan ka urang pikeun ngala laukna. Pon kitu deui jeung kabagjaan hirup nu rek di ala ku urang kudu aya dina tempat anu geus diridoan ku Alloh. InsyaAlloh, kabgajaan dunya jeung aherat bakal kapimilik ku urang lamun urang aya dina jalan anu dipikaridho ku Alloh.

Di saung balong, 5/4/2012

Budak Leutik

Asa ku gereget eta ningali murangkalih meni lucu pisan, kalakuanana estu sajalantrahna teu didingding ku kelir teu sindang siloka. Tapi kadang-kadang mah sok musingkeun kolotna, da wajar atuh namina murangkalih mah teu acan lami kumeulendangna oge di ieu dunya. Panginten eta budak ngaraos aneh upami ningali alam sabudeureunana anu matak pikabitaeun, atuh gerekgek budak teh seuri meni ku nikmat katingalina teh.  Ngan aya mangsana eta budak ceurik gogoaran nepi ka bapana mah geus talukeun, untung aya keneh indungna anu estu sabarna ngupahan eta budak nepi ka leuleurna, antukna reup budak teh peureum tibra pisan. Naon atuh anu jadi panyabab eta budak ceurik? Bisa naon wae, nu jelas mah aya hal ihwal anu teu sapagodos sareng mamanahan eta budak. Ulah-ulah budak, kolot oge apanan upami aya anu teu srek sareung pamadegan sok rada molotot, tapi ari rek ceurik era da geus huisan.
Anu jadi aoseun kanggo urang mah geuning seueur tina kalakuan eta budak. Panginten sadayana ge kantos ngalaman jadi budak mah. Abdi nyalira oge ngalaman, samar-samar sok inget mangsa masih keneh budak, upami liwat ka pipir imah sepuh abdi asa-asa pernah liwat kadinya manggihan hileud bulu anu gede dina tangkal jeruk. Teu aya pilihan deui atuh iwal ti ceurik bakating ku sieun. Sim kuring ge asa inget-inget poho, teras wae abdi tumaros ka ibu rama abdi, cenah mah leres eta teh nuju 2 taun ceuk pun bapak bari seuseurian. Mereun baheula mah sim kuring teh lucu pisan beda jeung ayeuna. Anu jadi matak ayeuna urang kieu kituna lantaran aya panyabab boh anu hade atanapi anu goreng. Sim kuring sok mendakan kolot anu kalakuanana jiga budak disebutna ge bubudakeun ceuk kolot mah. Aya oge budak anu koloteun, lantaran waktos ngorana geus ngalaman hirup ripuh kapaksa ninggalkeun kahirupan budak leutik anu kuduna pinuh ku kaulinan (di ogo) ceuk batur mah. Tapi kuring mah ngaraos karunya ka budak anu di ogo teuing sabab biasana sok minculak geus gedena. Panginten sadaya sepuh ge hoyong gaduh putra sinareng putri anu kalakuanana lewih hade ti kolotna.
Kacida pentingna eta ngawarah budak ku atikan anu sajalan sareung aturan anu bener. Upami ningali jaman ayeuna mah asa ku hese ngadidik murangkalih nepi ka jadi jelema anu bener teh. Saleresna mah sami wae jaman kiwari jeung baheula ge. Sarua ngadidik budak mah ku kolotna, ngan kolotna we anu kudu bener heula. Abu Jahal oge apanan budak baheula sarua wae bangorna mah geus kolotna da salah didikanana. Jaman kiwari sagala asup, ibaratna tempat sampah di daerah urang mah. Budaya ti luar nu kieu nu kitu arasup gampang pisan, atuh puguh wae barudak mah da masih keneh polos pasti nyandakna teu disaring heula. Di dieu salaku kolot kudu bisa ngajaga barudak urang sangkan bebas tina racun budaya deungeun anu teu sae. Baheula mah tv teu acan seueur acarana, ayeuna mah sagala acara tivi geus campuraduk. Acara anu kuduna ditongton ku kolot ayeuna mah budak ge miluan da ngan aya hiji tivina di tepas imah. Antukna kolot jeung budak geus teu aya pamisah deui, nepi ka rata-rata budak ayeuna marinculak ka kolotna teh, aya dina tivi ge budak maehan kolotna pon kitu deui kolot maehan budakna. Asa inget ka jaman baheula, jaman Abu Jahal saparakanca, budak nu karak lahir dipaehan jeung rupa-rupa kagorengan ahlak jelema dina mangsa harita. Upami maca sejarah dikaitkeun sareng kahirupan jaman ayeuna asa ku teu beda, malahan ayeuna mah leuwih parah.
Sakali mangsa mah, isuk keneh kuring teh mawa motor kaluar imah, acan ge jauh kuring geus mendakan aya budak awewe make calana kolor wungkul anu bahana tina jeans ngetat pisan sarua mawa motor metik (matic) meni pede pisan, aya ku hare-hare deui padahal ieu teh di kampung, tiris deui. Da kuring oge melaan make jaket nu kandel bakating ku teu kuat kaluar imah make kaos hungkul mah. Asa acan lila kuring hirup, baheula mah budak awewe teu wanieun nepi ka nembongkeun pingping, sok sanajan baheula oge teu saeutik barudak awewe nu bangor, tapi teu parah jiga ayeuna. Ieu mereun pangaruh acara tivi nu teu bener teh. Zaman Nike Ardila oge sarua, barudak awewena kapangaruhan ku gaya papakean artis-artis baheula, beuki dieu geuning beuki wani barudak urang teh. Sim kuring oge salaku lalaki kataji ku gaya pakean lalaki dina tivi, ngan lalaki mah masih aya batasna, da auratna beda jeung awewe. Mun rajeun manggihan awewe nu kitu liwat sok asa lebar mun teu ningali. Beuki loba we dosa teh geuning, piraku cicing wae di imah mereun bisa buruk.
Tetela pisan karusakan ahlak jelema ayeuna geuning, upami teu caringcing pageuh kancing sarta ningali sing awas mah, bisa-bisa hare-hare wae urang teh. Geus galib kaayaan kieu teh, rek di robah kumaha deui jeung ku saha deui ari lain ku urang anu masih keneh hirup. Nu geus paraeh mah moal bisa ngarobah ahlak jelema model ayeuna. Jigana kaum lalaki oge asa karagok nyaram barudak make pakean anu nutup aorat, da puguh resep ningalina, wajar da boga sifat kalalaken (kalalakian). Saenyana mah ieu teh tugas lalaki salaku pamingpin ngarobah budaya anu geus ruksak meungpeung bisa keneh diomean. Lamun geus buruk mah kudu diganti kayu tihang imah oge. Sugan teu nepi ka barudak urang nu masih murangkalih kalakuan urang ayeuna. Mugia urang sadar kana naon rupa tugas urang ngadidik nu bener ka dulur-dulur urang sarta turunan urang kahareupnakeun.

Pipir Hawu, 5/4/2012